Lompat ke isi

Al-Ghazali

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Abū Ḥāmid Muḥammad ibn Muḥammad al-Ghazālī   (basa Pérsia: ابو حامد محمد ابن محمد غزالی; leuwih dipikawanoh ku ngaran Al-Ghazali atawa Al-Ghazzal; di dunya kulon pertengahan mah ngaranna dipikawanoh minangka Abuhamet jeung Algazel; gelar Hujjatul Islam; ti taun 10581111)[1][2] nyaéta saurang pamikir tur praktisi atikan anu icikibung ku cara langsung.[1] Téologi atawa élmu kalam jeung filsafat ogé mangrupa élmu anu diteuleuman ku anjeunna.[1] Ninggang mangsa di ahir hayatna, Al-Ghazali ninggalkeun sagala panalungtikanna anu saterusna éstuning tasawuf anu jadi pacekelan nyatana jalan Sufi téa anu dipilihna.[1]

Lalakon Kahirupan

[édit | édit sumber]

Al-Ghazali gumelar di Ghazaleh, hiji désa di deukeut Tus di daérah Khurasan (Pérsia) dina taun 1058 Maséhi.[1] Anjeunna katurunan persia ogé patula-patali jeung kulawarga raja-raja Saljuk anu maréntah daérah Khurasan, Jibal, Irak, Jazirah, Pérsia jeung Ahwaz.[1] Kolotna digaé minangka tukang mintal wol anu dina basa Arab disebut gazzal.[1] Bapana jalma miskin anu jujur, hirup tina usaha mandiri, jeung anjeunna mindeng pisan ngadatangan ka bumi para 'Alim ulama, tolab élmu jeung migawé hadé ka aranjeunna.[1]

Al-Ghazali boga saurang adi anu ngaranna Ahmad, duanana jadi ulama agung jeung pengagum sarta nu mikacinta élmu.[2] Ku berkahna pitulung saurang sufi basajan jeung saeutik harta anu diwariskeun ku kolotna, Al-Ghazali jeung dulurna abus Madrasah Tingkat Dasar (Madrasah Ibtidaiyah) jeung nyangkem élmu-élmu dasar.[2] Guruna anu utama di madrasah éta nyaéta Yusuf Al-Nassaj, saurang sufi anu saterusna ngaranna disebut ogé Imam Al-Haramain, Al-Nassajlah anu mimiti pisan neundeun dasar-dasar pamikiran sufi dina diri Al-Ghazali.[2] Al-Ghazali diajar élmu fiqih, mantiq, ogé ushul.[2]

Anjeunna ogé diajar filsafat tina risalah-risalah ikhwanusshofa karangan Al-Farabi jeung Ibnu Maskawaih, ku kituna ngaliwatan ajaran-ajaran ahli filsafat éta, Al-Ghazali bisa neuleuman paham-paham Aristotélés ogé pamikir Yunani nu lianna.[2] Anjeunna ogé diajar ajaran Islam ti imam Syafi'i, Haramlah, Jambad, Al-Muhasibi, jeung lain-lain. Al-Ghazali ogé guguru ka imam Abu Ali Al-Faramzi, murid Al-Qusyairi anu kawentar jeung sahabat Al-Subkhi, anjeunna miboga jasa anu gedé dina ngajarkeun élmu tasawuf ka Al-Ghazali.[2] Hiji Mangsa, Al-Ghazali iilueun dina padungdengan jeung sakumpulan ulama ogé para intelék anu dihadiran ku Nidham AlMulk.[2]

Karya-Karya Al-Ghazali

[édit | édit sumber]

Kelompok Filsafat jeung Élmu Kalam

[édit | édit sumber]
  1. Maqashid al-Falasifah (tujuan para filosof)[2]
  2. Tahaful al- Falasafah (karancuan para filosof)[2]
  3. Al-Iqtishad al-I'tiqad (moderasi dina aqidah)[2]
  4. Al-Munqidz min al-Dhalal (pangbébas tina kasesatan)[2]
  5. Al-Maqashidul asna fii m'aani asmaaillah al-Husna (harti ngran tuhan anu Hasan)[2]
  6. Faishalut tafriqoh bainal Islam wa al-zindiqah (bebédaan antara Islam jeung zindiq)[2]
  7. Al-Qishasul Mustaqiin (jalan pingeun ngabéréskeun pasalingsingan pangedalan)[2]
  8. Al-Mustadhiri (pajéntréan-pajéntréan)[2]
  9. Hujaitul Haq (argumén anu bener)[2]
  10. Mufsilul khilaf fi ushuluddin (misahkeun pasalingsingan danal ushuluddin)[2]
  11. Al-Muntahal fi'ilmi jidal (tata cara dina élmu sawala)[2]
  12. Al-Madhnun bin'Ala ghairi ahlihi (persangkaan kana lain ahlina)[2]
  13. Mahkum nadhlar (metodologika)[2]
  14. Asraar"Ilmi al-ddin (rusiah élmu agama)[2]
  15. Al-Arba'in fi ushuluddin (40 masalah ushuluddin)[2]
  16. Iljam al-awam 'an al-ilmil al-kalam (ngahalangkeun jalma awam tina élmu kalam)[2]
  17. Al-Qulu al-jamil fi ar-ar-Raddi 'ala man ghayar al-Injil (kecap anu hadé pikeun jalma-jalma anu ngarobah injil)[2]
  18. Mi'yaaru al-'Ilmi (timbangan élmu)[2]
  19. Al-Intishar al-lam (rusiah-rusiah alam)[2]
  20. Isbatun Nadhlar (ngantebkeun logika)[2]

Kelompok Élmu Fiqih jeung Ushul Fiqih

[édit | édit sumber]
  1. Al-BBasith (babalas anu mijero)[2]
  2. Al-Wasith (parantara)[2]
  3. Al-Wajiz (surat-surat wasiat)[2]
  4. Khulashatu al-Mukhtashar (intisari ringkesan karangan)[2]
  5. Al-Mustasufa (petingan)[2]
  6. Al-Mankhul (adat kabiasaan)[2]
  7. Syifahul 'Aah fi al-Qiyas wa at-Ta'liil (panyageur anu hadé dina qiyas jeung ta'alil)[2]
  8. Adz-Dzari'ah ila Makaarim asy-Syari'ah (jalan kana kamulyaan syari'ah)[2]

Kelompok Élmu ahlak jeung tasawuf

[édit | édit sumber]
  1. Ilya 'Ulum al-Ddin (ngahirupkeun deui élmu-élmu agama)[2]
  2. Mizan al-Amal (timbangan amal)[2]
  3. Kimiyaa as-Sa'aadah (kandungan kebagjaan)[2]
  4. Misykaat al-Anwar (relung-relung cahya)[2]
  5. Minhaaj al-Abidin (tetekon ibadah)[2]
  6. Ad-Dharar al-Fakhirah fi kasyfi 'ulum al-Khirah (mutiara panyikap ahérat)[2]
  7. Al-Layyini fi al-Wahdah (leuleus-leuleus dina kasatuan)[2]
  8. Al-Qurabah 'Azza Wazalla (ngadeukeurkeun diri ka Allah)[2]
  9. Ahlu Al-abrar wa An-Najaat min Al-Asraar (ahlak anu lempeng keung nyelametkeun tina kagoréngan)[2]
  10. Bidaayat Al-Hidayah (ngamimitian meunangkeun pituduh)[2]
  11. Al-Mabadi wa Al-Ghaayah (ngamimitian jeung tujuan)[2]
  12. Talbis Al-Iblis (tipu daya syaithan)[2]
  13. Nasihat Al-Mulk (nasihat pikeun raja-raja)[2]
  14. Al-'Uhum Al-Laduniyyah (élmu-élmu ladunia)[2]
  15. Al-Risalah Al-Qudsyih (risalah suci)[2]
  16. Al-Makhadz (tempat panyokotan)[2]
  17. Al-Amali (kamuliaan)[2]

Kelompok Élmu Tafsir

[édit | édit sumber]
  1. Yaquu at-Ta'wil fi tafsir at-Tanzil (métodologi ta'wil dina jero tafsir anu diturunkeun)[2]
  2. Jawaahir al-Qur'an (rusiah anu kawengku dina al-Qur'an)[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h Heri, Totong. 2008. Pemikiran Al-Ghazali Tentang Pendidikan. Jakarta: UHAMKA.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc Suyitno, Y. 2009. Tokoh-tokoh Pendidikan Dunia (dari dunia timur, timur tengah dan barat). Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.