Teluh
Jelema nu keuna ku teluh biasana sok nepi ka utah getih, nyareri satulang sandi, tuluy nepi ka maotna pisan[1] . Biasana dukun teluh ngalengkepan usaha neluhna ku rupa-rupa sasajén katut rupa-rupa barang nu sareukeut kayaning jarum,jara, sabangsa seungseureudan, buuk, batu jeung sajabana[1]. Maksudna supaya nu diteluh ngarasa kasiksa[1]. Aya ogé nu ngalengkepan teluhna ku sabangsaning bonéka[1].Éta bonéka téh ditojosan ku seuseukeutan, diawuran karikil, ditapuk ku seungseureudan nepi ka jelema nu diteluhna sarua kaayaan awakna jiga bonéka nu disiksa téa[1].Upama jelema nu kakeunaan teluh diubaran ku dukun lian anu sarua pinterna, biasana sagala anu diasupkeun kana badanna téh bisa dikaluarkeun[1].
Teluh atawa santet atawa sihir dina basa Arab disebut ainun saqhirah, atawa hiji hal anu nyérabkeun. makna leuwih jauhna nyaéta menakjubkan atawa kamampuan luar biasa anu hésé ditarima ku akal.
Conto Teluh jeung Panyinglarna
[édit | édit sumber]1. Paneluh Galunggung jeung Pamulangkeunana Paneluh
Ratu teluh ti Galunggung,[1]
Sang Ratu Cedacawal,[1]
Ratu teluh ti Gunung Agung,[1]
Sang Ratu Murba Sakama,[1]
Sang Ratu Talagabodas,[1]
nu Kawasa pusering talaga,[1]
Sang Ratu Cedacawal,[1]
nya aing Sang Ratu Cedacawal,[1]
pur,geni;pur braja,[1]
seuseup getihna,[1]
cokcrok ototna,[1]
bedol tikorona,[1]
sayab nyawana,[1]
tuh!singsieunan Si....(sebut ngaran nu dituju)[1]
Pamulangkeunana:
Ratu teluh ti Galunggung,[1]
aing nyahp asal sia,[1]
Ratu teluh ti Gunung agung,[1]
aing weruh dumuk sia,[1]
Sia Sang ratu Cendacawal buah reumbay,[1]
Sang Ratu Gerelang Hérang,[1]
baya, baya, tan ku baya![1]
nya sia nu baya ta mah,[1]
hirup ku pangaweruh,[1]
waras ku pangawasa,[1]
Hiding! hiding! hiding![1]
istan!istan!istan![1]
mangprung ka Gunung Agung,[1]
ka asal sia,[1]
malik ka nu doroi.[1]
Referensi
[édit | édit sumber]Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |